Jumat, 21 Desember 2018

Sajak Di Kaki Hira'

DP Sati Alimin

DI KAKI HIRA'
DP Sati Alimin

Di puncak tanjung munggu batu,
aku tengadah, ke bukit-bukit terjal: Jabal Nur,
azmat...., terpaku kuat ke bumi Tuhan,
langit diatasnya biru bening.

"Mengapa ya Muhammad"
dalam usia muda-tampan 30-40-an
engkauberpanas-berembun siang-malam di bukit-batu
menyisih dari kemegahan Quresi......,
Bila tak ada sesuatu yang mendesak dari dalam.....?

Ganjil bila direnungkan,
walaupun engkau asal Mekah,
tapi, Siapa yang membisikkan bahwa di bukit-batu
yang jauh dari Mekah ini,
ada gua-batu yang sangat aman dan damai,
yang memungkinkan memandang Mekah,
dengan segala kemegahan palsunya,
dan achirnya memungkinkan turun atasmu Wahyu Suci!

Di puncak tanjuan munggung batu,
aku merasakan, malah serasa aku menampak,
betapa hebatnya,.....Jibril datang memagut engkau
dengan sayapnya yang putih bersih,
membentang memerah-langit
dan aku merasa menampak,
engkau bergegas turun menuju pulang,
ke rumah Ibu kami Ummul-Mukminin,
aku dapat merasakan,
engkau sampai berkata: selimuti aku, selimuti aku!
engkau takut,...takut,...tapi rindu,
Memang engkau telah berhubung dengan Alam Malaku
engkau telah dipilih dan diangkat jadi Rasululullah!
...Ini kejadian seribu-empat-ratus-tahun-lalu.

Dan wahyu yang turun kepadamu itulah,
masih membahana-terus sampai kini,
menentang segala kegelapan,
di Planit bumi,
Ya Muhammad, benar-benar engkau Rasullullah.....!

Kaki Jabal Nur 24 Zulhijah 1392H, 9 Februari 1972M

Kawih Jatining Hirup



sapalih karya ustadz Syarif Sukandy (Dokumentasi pak Edi Hadiya)
Jatining Hirup
rumpaka ku KH M Syarif Sukandy

Ari emut kana hirup urang
Nu dikandung badan
Sanajan puluhan taun
Tetep manteb ngasuh wujud
Beurang peuting tetep ngaping
Dina suka dina bungah
Teu wani ninggalkeun urang

Tunduk taat ka Pangeran
Ngemban tugas ti Ilahi
Ngahiji jeung raga urang, Gusti
Kudu nganteur kudu nyaah
Nyarengan ka nu ngumbara
Bari urang teu ngarasa
Wujud diasuh ku hirup

Dimandian diusapan
Dipuji digulanggaper
Geugeut deudeuh sono nyaah
Dimana raga cilaka
Pangheulana nu ngabela
Geten rapih gotong royong
Sabidangna-sabidangna dina raga anu hirup

Rarangken badan sampurna
Aya soca jeung awasna
Aya cepil jeung danguna
Aya irung jeung angseuna
Aya baham jeung ucapna
Jeung anu sanesna-sanesna
Sanes-sanes

Waruga pinuh ku hirup
Keur ngabantu raga urang
Supaya sagala terang
Alloh maparin rasa
Keur wadah ni’matna dunya
Bawaeun jaga di ahir
Keur nyaksian laku urang

Rasa bakal cumarita
Dina hade dina goreng
Diterangkeun sajelasna
Payuneun Alloh Ta’ala
Urang teh teu bisa mungkir
Da Alloh maha uninga
Lamun hade ka nu hade
Lamun goreng ka nu goreng
Kumaha amal di dunya

Kulantaran urang kitu
Ayeuna sing ati-ati
Ngagunakeun hirup urang
Dina jalan nu mangpaat
Dipake amal ibadah
Supaya teu jadi beurat
Hirup kudu gura-giru
Paeh teu nyaho mangsa
Hirup teu nungguan waktu
Ibadah sing beubeunangan

Hirup rek ngandelkeun saha
Ari lain meunang urang
Meungpeung hirup keur ngahiji
Awak jeung waruga badan
Nu matak urang ayeuna
Meungpeung hirup keur di dunya
Urang bawa keur ibadah
Dina jalan Alloh Ta’ala
Supaya jaga sampurna

Pada mulih kaasalna
Dina waktu urang mulang
Antara raga jeung sukma
Masing-masing pileuleuyan
Nu hirup mulih ka Alloh
Raga nambru tanpa daya
Sukma medal teu karasa
Raga mulang ka asalna, Gusti

Asal angin kana angin
Asal seuneu kana seuneu
Asal cai kana cai
Asal bumi kana bumi
Tah ieu tujuan urang
Hayang sami mulih deui
Da asal ge ti Pangeran
Sukma raga sing sampurna
Asal euweuh jadi euweuh
Nya mulang (dulur) ka rahmatullah

Mangka urang ti ayeuna
Hirup ulah rasa maneh
Heunteu meunang samemena
Ulah rek ngumbar amarah
Bisi wujud katempuhan
Moal aya sobat bela
Dina rugi jeung cilaka
Kari batin anu nyeri
Euweuh nu majar kumaha

Kari urang ngan sorangan
Geuning loba kajadian
Pikeun conto keur ku urang
Dina keur sagala aya
Kabeh sobat pada datang
Euweuh anu dilengohan
Naon bae anu aya
Kudu bae dibahanan
Nu matak sing ati-ati
Ngangon hirup ti ayeuna
Ngangon hirup ti ayeuna
Ulah butuh ku dipuji
Eta lain boga urang
Anging Alloh nu kagungan

Mun urang narima puji
Ahirna bakal maehan
Bakal paeh hirup urang
Baris ngatog ke di ahir